Info

Gerakan Bangun Cegah Kumuh (Gerbang Cahayaku)

Gerakan Bangun Cegah Kumuh (Gerbang Cahayaku)

Dinas Perumahan dan Permukiman (Disperkim) Kabupaten Garut ngagaduhan Program Gerakan Bangun Cegah Kumuh (Gerbang Cahayaku), dilaksanakeun di Kelurahan Pataruman, Kabupaten Garut. Program ieu dikelola langsung ku masyarakat di sakuriling Kelurahan Pataruman ti Badan Keswadayaan Masyarakat (BKM) Paguyuban Warga Kelurahan Pataruman.

Program ieu teh tujuan na kanggo ngajantenkeun lingkungan pakampungan yen leuwih nyaman ditempatan ku masyarakat. Salah sahiji pangwangunan nu dilakukeun dina program ieu nyaeta ngawangun MCK (Mandi Cuci Kakus).

Program Gerbang Cahayaku ieu nyaeta Program Gerakan Bangun Cegah Kumuh di kota, harepan na hoyong ngarobah nu tadi na kondisi kumuh ku aya na program ieu janten teu kumuh deui. Di ditu aya sababaraha program nu bakal dilaksanakeun misalna kanggo ngawangun MCK, ngawangun jalan lingkungan, sanitasina, oge sareng fasilitas publik sanes na.

Tags: -

0 Komentar :

Belum ada komentar.